Sony Xperia E4g - Setelan kamera umum

background image

Setelan kamera umum

Langlangan setelan modeu nyandak gambar

Paneguh Pamandangan Otomatis

Optimalkeun setelan sangkan cocog ka pamandangan naon wae.

Manual

Atur setelan kamera sacara manual.

Raray dina gambar

Moto make kamera hareup jeung tukang babarengan.

Multi kamera

Ngarekam pamandangan nu sarua ti sababaraha juru dina hiji layar.

Langsung dina YouTube

Siarkeun video langsung ka YouTube™.

Epek AR

Candak poto atawa video ku pamandangan jeung karakter virtual.

Epek kreatip

Terapkeun epek ka poto atawa video.

Timeshift burst

Teang poto nu panghadena di antara urutan gambar.

Social live

Siarkeun video langsung ka Facebook™.

Panorama Sapu

Cokot poto nu juruna lega jeung panorama.

Sound Photo

Moto make sora latar tukang.

Pungsi AR

Paenkeun objek virtual di layar tempo heula kamera Anjeun jang ngaalusan poto atawa video anjeun.

Toel ulang potret

Moto make gaya potret nu-ayeuna.

77

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Paneguh pamandangan otomatis

Modeu paneguh pamandangan otomatis mariksa kaayaan pas Anjeun moto jeung

otomatis ngatur setelan jang mastikeun poto Anjeun alus.

Modeu manual

Pake modeu Manual upami Anjeun hoyong ngatur setelan kamera sacara manual jang

nyandak poto atawa video.

Epek AR

Anjeun tiasa nambahkeun epek AR (augmented reality) ka poto atawa video Anjeun tur

nyieun poto atawa video eta jadi leuwih rame. Basa make kamera, setelan iey ngidinan

Anjeun ngagabungkeun pamandangan 3D ka poto atawa video Anjeun. Anjeun ngan

milih pamandangan nu dipikahoyong tur nyaluyukeun posisina di jandela tempo heula.

Epek Kreatip

Anjeun bisa nerapkeun epek nu beda-beda kana poto atawa video Anjeun. Contona,

Anjeun bisa nambahkeun epek Nostalgia supaya poto jadi jiga heubeul atawa epek

Sketsa supaya gambarna jadi leuwih alus.

Sweep Panorama

Anjeun tiasa nyandak poto sudut lebar sareng poto panorama ti arah horisontal atawa

vertikal ku cara gerakan pencet-tur-sapu nu gampang.

Pikeun nyandak poto panoramik

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , teras pilih .

3

Pikeun milih arah pamotretan, ketok

.

4

Ketok layar tur pindahkeun kamera lalaunan tur ajeg ka arah gerakan nu

dituduhkeun di layar.

Timeshift burst

Kamera nyokot urutan 31 poto dina mangsa dua detik – sadetik saacan jeung

saenggeus Anjeun ngetok kenop kamera dina-layar. Jadi Anjeun bisa nempoan deui tur

neangan gambar nu pang alusna.

Pikeun make Timeshift burst

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , terus pilih .

3

Moto. Poto nu tos dicandak bakal nembongan di panempoan gambar leutik.

4

Gulung dina gambar leutikna terus pilih poto nu ku Anjeun hoyong disimpen, terus

ketok .

Social live

Social live nyaeta modeu pamakean kamera nu ngidinan Anjeun nyetrim video langsung

ka kaca Facebook™ Anjeun. Anjeun ngan kudu gaduh sambungan Internet aktip tur

asup ka Facebook™. Durasi video tiasa nepi ka 10 menit.

Pikeun nyiarkeun video langsung nganggo Social live

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , teras pilih .

3

Asup ka akun Facebook™ Anjeun.

4

Ketok pikeun ngamimiti siaran.

5

Pikeun nyandak poto salami siaran, ketok .

6

Pikeun ngeureunkeun siaran, ketok .

78

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Fokus ka beungeut

Anjeun tiasa make mode Fokus ka beungeut pikeun ngaktipkeun kamera hareup sareng

kamera utama di waktu nu sami, jadi Anjeun tiasa nyandak poto diri Anjeun sareng

subjek.

Modeu kamera multi

Modeu kamera multi bisa nyolot poto nu nghijikeun gambar tina dua juru jeung alat nu

beda. Anjeun ningali dua gambar dina kamera tempo heula dina alat Anjeun – hiji tina

kamera Anjeun jeung hiji deui tina alat Xperia™ nu disambungkeun atawa kamera Sony

nu ngarojong NFC and teknologi Wi-Fi direct. Anjeun tiasa ngedit nu ku Anjeun tingali

dina tempo heula saacan moto.
Jadi, contona, lamun Anjeun keur di konser jeung Anjeun hoyong nyokot poto nu

ngahijikeun gambar ben tina juru hiji jeung panongton tina juru sejenna, Anjeun bisa

make Modeu kamera multi jang epek nu alus.
Anjeun bisa ngeset Modeu kamera multi make NFC, nu bakal muka pamasangan dua

alat make teknologi Wi-Fi direct. Dua alat eta kudu ngarojong NFC.

Modeu kamera multi teu sadia di kabeh pasar.

Pikeun make Modeu kamera multi

1

Hurungkeun pungsi NFC dina alat duanana nu ku Anjeun hoyong disambungkeun.

2

Aktipkeun kamera dina alat Anjeun.

3

Ketok , terus pilih .

4

Dina layar na alat duanana, ketok .

5

Toel wewengkon deteksi NFC dina alatna sewang-sewangan jang silih ngadeteksi.

Ayeuna alat duanana kudu geus nyambung make teknologi Wi-Fi direct.

6

Lamun alat geus nyambung, dua gambar bakal muncul dina tempo heula na alat

Anjeun – hiji gambar tina pitur tempo heula kamera Anjeun jeung hiji deui tina

tempo heula alat nu disambungkeun.

7

Jang ngedit gambar dina tempo heula, ketok

.

8

Edit gambar nu dipikahoyong. Contona, Anjeun tiasa ngetok jeung nahan gambar

terus nyered gambar eta kana pitur tempo heula nu sejen jang ngarobah jajaran

na.

9

Lamun Anjeun geus beres ngedit terus geus siap moto gambar ahir nu dihijikeun,

ketok

Rengse > .

Ngedit potret

Pake pitur ieu jang ngagunakeun epek kana poto nu ku Anjeun eukeur dipoto jadi Anjeun

yakin hasilna bakal alus.

Make Pitur ngedit potret

1

Aktipkeun kamera.

2

Ketok , terus ketok .

3

Jang mintonkeun pamilih gaya, gesek na layar ka luhur, terus pilih gaya potret jang

poto Anjeun.

4

Jang nyumputkrun pamilih gaya, ketok layar atawa gesek ka handap.

5

Jang mintonkeun pamilihan pigura, gesek ka kenca, terus pilih pigura hiasanna.

6

Jang nyumputkrun pamilih pigura, ketok layar kamera atawa gesek ka katuhu.

Ngundeur aplikasi kamera

Anjeun tiasa ngundeur aplikasi kamera haratis atawa nu mayar ti Google Play™ atawa

sumber sejenna. Samemeh Anjeun mimiti ngunder ti, pastikeun sambungan Internet

Anjeun jalan, langkung sae ti Wi-Fi® kanggo ngawatesan beaya patalimarga data.

79

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun ngundeur aplikasi kamera

1

Buka aplikasi kamera.

2

Ketok , teras ketok

TIASA DIUNDEUR.

3

Pilih aplikasi nu Anjeun hayang undeur, teras turutan parentah pikeun nyalsekeun

pamasangan.

Buka rusuh

Gunakeun setelan buka rusuh jang muka kamera lamun layar dikonci.

Ngan ngajalankeun

Saenggeus Anjeun nyered ka luhur, kamera utama dibuka tina modeu sare.

Jalankeun tur potret

Saenggeus Anjeun nyered ka luhur, kamera poto dibuka tina modeu sare terus motret hiji gambar.

Jalankeun sareng rekam video

Saenggeus Anjeun nyered ka luhur, kamera video dibuka tina modeu sare terus ngarekam.

Pareum

Geotag

Tag poto sareng wincik tempat anjeun nyandak poto eta.

Nyandak gambar ku noel

Nangtukeun area pokus, terus toel layar kamera make ramo Anjeun. Poto dicandak

langsung saatos Anjeun ngaleupaskeun ramo Anjeun.

Sora

Pilih pikeun ngaktipkeun atawa mareuman sora jepret.

Panyimpenan data

Anjeun tiasa milih pikeun nyimpen data Anjeun ka kartu SD nu tiasa dicabut atawa ka

panyimpenan internal alat Anjeun.

Panyimpenan internal

Poto atawa video disimpen ka memori alat Anjeun.

Kartu SD

Poto atawa video disimpen ka kartu SD.

Imbangan bodas

Pungsi ieu ngaluyukeun kasaimbangan warna nurutkeun kondisi cahya Ikon setelan

imbangan bodas sadia dina layar kamera.

Otomatis

Saluyukeun kasaimbangan warna sacara otomatis pikeun nyocogkeun ka kondisi pencahyaan.

Pijer

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi pencahyaan nu haneut, saperti di handapeun bohlam.

Caang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo pencahyaan fluoresensi.

Beurang

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo kondisi di luar ruangan nu cerah.

Mendung

Saluyukeun kasaimbangan warna kanggo langit nu berawan.

Setelan ieu ngan sadia di

Manual modeu motret.

80

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.