Sony Xperia E4g - Kibor di layar

background image

Kibor di layar

Anjeun tiasa ngasupkeun teks ka kibor QWERTY di layar ku cara ngetok unggal hurup,

atawa anjeun tiasa make fitur input Gerakan tur ngegeser ramo anjeun ti hurup ka hurup

pikeun nyieun kecap. Upami anjeun langkung resep make kibor di layar nu leuwih leutik

jeung nginput teks make hiji leungeun, anjeun tiasa ngaktipkeun kibor hiji leungeun.
Anjeun tiasa milih dugi ka tilu basa pikeun input teks. Kibor ngadeteksi basa nu dipake

ku anjeun tur mrediksi kecap pikeun eta basa pas anjeun nulis. Sababaraha aplikasi

otomatis kabuka dina kibor di layar, contoja, aplikasi talatah surelek jeung teks.

1 Pupus hiji karakter sateuacan kursor.

2 Asupkeun kenop mulang atawa konpirmasi input teks.

3 Asupkeun hiji spasi.

4 Personalisasi kibor anjeun. Kenop ieu leungit sanggeus kibor dipersonalisasi.

5 Mintonkeun nomer jeung lambang. Kanggo lambang nu sejen, ketok

.

6 Ganti antara hurup leutik , hurup ageung jeung kapitalisasi . Kanggo sababaraha basa, kenop ieu

dipake pikeun ngakses karakter ekstra nu aya di basa eta.

Mintonkeun tuts na-layar pikeun ngasupkeun teks

Ketok widang entri teks.

Make kibor di layar dina orientasi lanskap

Sawaktos kibor di layar dipintonkeun, balikkeun alat ka gigir.

Anjeun meureun perlu ngaluyukeun setelan di sababaraha aplikasi pikeun ngaktipkeun

orientasi lanskap.

Ngasupkeun teks hiji-hiji karakter

1

Pikeun nuliskeun karakter nu bisa ditingali dina kibor, ketok karakter nu dimaksud.

2

Pikeun ngalebetkeun jinis karakter, toél jeung tahan karakter kibor umum pikeun

ningali daptar pilihan nu sadia, teras pilih tina daptar. Contona, pikeun nulis "é",

toél jeung tahan "e" nepi ka pilihan sejen nembongan, teras, sambil terus mencet

kibor, séred tur pilih "é".

Ngasupkeun periode

Sanggeus anjeun ngasupkeun kecap, ketok bar spasi dua kali.

42

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

Pikeun nulis teks make pungsi Input Gerakan

1

Sawaktos kibor di layar dipintonkeun, geser jari Anjeun ti hurup ka hurup pikeun

ngalacak kecap nu hayang diserat ku Anjeun.

2

Saatos Anjeun rengse nuliskeun kecap, angkat jari Anjeun. Saran kecap

nembongan dumasar ka hurup nu geus Anjeun lacak.

3

Upami kecap nu Anjeun hoyongkeun teu nembongan, ketok pikeun nempo

pilihan sejenna tur pilih kecap. Upami pilihan nu dipikahoyong teu nembongan,

pupus sadaya kecap tur lacak hurup deui, atawa tuliskeun kecap kucara ngetok

unggal hurupna masing-masing.

Ngarobah setelan Input sapuan

1

Basa kibor di layar dipintonkeun, ketok .

2

Ketok , teras ketok

Setelan kibor.

3

Pikeun ngaktipkeun atawa nganonaktipkeun pungsi input Gerakan, cirian atawa

buka tetengger kotak centang

Input sapuan.

Make kibor hiji leungeun

1

Buka kibor di layar dina modeu potret, teras ketok .

2

Ketok , teras ketok

Kibor saleungeun.

3

Pikeun mindahkeun kibor hiji leungeun ka sisi kenca atawa katuhu layar, ketok

atawa .

Pikeun make kibor di layar pinuh deui, ketok .