Sony Xperia E4g - Inpormasi hukum

background image

Inpormasi hukum

Sony E2003/E2006/E2053

Buku pituduh ieu dipedalkeun ku Sony Mobile Communications Inc. atawa perusahaan filial lokalnna, tanpa aya

haransi. Bebener sareng perobihan kana Buku pituduh ieu nu diperyogikeun kulantaran kasalahan tulisan, inpo

pang anyarna nu teu akurat, atawa pangleresan program jeung/atawa pakakas, tiasa dilakukeun ku Sony Mobile

Communications Inc. sawaktos-waktos jeung moal aya wartos heula. Parobihan anu kitu, bakal dilebetkeun kana

edisi anyar Buku pituduh ieu. Sadaya ilustrasi ngan saukur kanggo ilustrasi jeung meureun henteu akurat

ngagambarkeun alat nu sabenerna.
Sadaya produk sareng nami pausahaan nu disebatkeun di dieu mangrupakeun merek dagang atawa merek

dagang kadaptar ti nu gaduhna. Sadaya merek dagang anu sejenna mangrupakeun kagungan nu gaduhna

masing-masing. Sadaya hak nu teu teges dinyatakeun di dieu tos ditangtayungan. Tingali

www.sonymobile.com/us/legal/ kanggo inpo nu langkung lengkep.
Buku pituduh ieu tiasa nuduhkeun ladenan atanapi aplikasi nu disayagikeun ku pihak katilu. Nganggo

pamrograman atanapi ladenan anu kitu bakal meryogikeun pendaptaran kapisah ka operator pihak katilu tur bakal

matuh ka sarat panganggoan tambihan. Pikeun aplikasi nu diakses dina atawa liwat situs web pihak katilu, mangga

pariksa heula sarat panganggoan situs web eta sarta kawijakan privasina nu lumaku. Sony teu mere haransi

kasadiaan atawa kamampuan ti situs web pihak-katilu eta atawa ladenan nu ditawarkeunnana.
Alat seluler anjeun gaduh kamampuan ngundeur, nyimpen sareng neraskeun eusi tambihan, contona rington.

Nganggo eusi nu sapertos kitu bisa jadi diwatesan atanapi dicaram ku hak-hak pihak katilu, kaasup tapi teu

diwatesan ka watesan nu diatur ku hukum hak cipta nu lumaku. Anjeun, sanes Sony, nu bakal sapinuhnya

nanggung jawab kana eusi tambahan nu diundeur atanapi diteraskeun tina alat Anjeun. Sateuacan nganggo eusi

tambahan nu mana wae, pariksa yen Anjeun tos gaduh lisensi atawa idin pikeun nganggo eta eusi. Sony henteu

ngajamin akurasi, integritas atawa kualitas eusi tambahan atawa eusi tina pihak katilu sejenna. Teu aya kaayaan nu

mana oge Sony bakal nanggungjawaban ka sagala cara pamakean nu teu bener tina eusi tambahan atawa eusi ti

pihak katilu.
Tingali

www.sonymobile.com kanggo inpo nu langkung lengkep.

Produk ieu ditangtayungan ku hak cipta intelektual Microsoft nu tangtu. Panganggoan atawa distribusi teknologi di

luar ieu produk dilarang upami teu aya lisensi ti Microsoft.
Nu gaduh eusi nganggo teknologi pangaturan hak digital Windows Media (WMDRM) kanggo nangtayungan hak

kakayaan intelektualna, kaasup hak cipta. Alat ieu nganggo software WMDRM pikeun ngakses ka eusi nu

ditangtayungan ku WMDRM. Upami software WMDRM gagal nangtayungan eusi, nu gaduh eusi tiasa menta

Microsoft nyabut kamampuan software nganggo WMDRM pikeun muter atanapi niron eusi nu ditangtayungan.

Panyabutan moal mangaruhan eusi nu teu ditangtayungan. Sawaktos anjeun ngundeur lisensi eusi nu

ditangtayungan, anjeun satuju yen Microsoft tiasa ngalebetkeun daptar panyabutan dina lisensina. Nu gaduh eusi

tiasa menta anjeun ngamutahirkeun WMDRM pikeun ngakses eusi anjeunna. Upami anjeun nampik pamutahiran,

anjeun moal tiasa ngakses eusi nu meryogikeun pamutahiran.
Produk ieu dilisensikeun dina lisensi portofolio visual MPEG-4 sareng paten AVC pikeun pamakean pribados sareng

non-komersil konsumen kanggo (i) nyandiaksarakeun video supados matuh ka standar visual MPEG-4 ("MPEG-4

video") atanapi standar AVC ("AVC video") sareng/atanapi (ii) ngawasandikeun video MPEG- 4 atanapi AVC anu

disandiaksarakeun ku konsumen nu dina aktipitas pribados sareng non-komersil sareng/atawa anu dicandak ti

123

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.

background image

panyadia video anu dilisensikeun ku MPEG LA kanggo nyadiakeun MPEG-4 sareng/atanapi AVC video. Lisensi anu

dipasihkeun teu lumaku pikeun panganggoan nu sanes. Inpormasi tambahan kaasup nu sahubungan ka kagiatan

promosi, internal sareng panganggoan komersil sareng ngalisensian tiasa di damel ti MPEG LA, L.L.C. Tingali

www.mpegla.com. Teknologi MPEG Layer-3 audio decoding dilisensikeun ti Fraunhofer IIS sareng Thomson.
SONY MOBILE MOAL TANGGUNG JAWAB SAGALA RUPA DATA SORANGAN NU LEUNGIT, KAHAPUS JEUNG/

ATAWA KATIMPA ATAWA FAYIL NU DISIMPEN DINA TELEPON ANJEUN (KAASUP TAPI LAIN WUNGKUL

KONTAK, LAGU JEUNG GAMBAR) LAMUN ANJEUN NGAPDET ALAT ANJEUN KU CARA NU DIJELASKEUN DI

BUKU PITUDUH ATAWA DOKUMENTASI IEU. DINA KAAYAAN NAON WAR, SONY MOBILE ATANAPI

PAMASOKNA MOAL TANGGUNG JAWAB TOTAL KA ANJEUN KANGGO SADAYA KARUGIAN ATAWA

KARUGIAN NAON WAE KUMARGI TINDAKAN (DINA KONTRAK ATANAPI KASALAHAN, NANGING TEU

KAWATES KA KALALAIAN ATANAPI NU SEJEN) NGALANGKUNGAN JUMLAH SABENERNA NU DIBAYAR KU

ANJEUN KANGGO ALAT ANJEUN.
© 2015 Sony Mobile Communications Inc.
Sadaya hak ditangtayungan.

124

Ieu pérsi Internét tina ieu publikasi. © Citak kanggo pamakéan pribados wungkul.